Minggu, 15 September 2019

Pidato penyerahan calon mempelai pria dalam bahasa sunda

Pangjajap Calon Panganten Pameget
Sarengsena ngucapkeun salam kalih bubuka, dilajengkeun kana biantara kalimah di handap ieu

"Bingah binarung bagja kalayan sugema, simkuring ngawakilan kulawarga bp.......kalih ibu......, langkung ti payun ngahaturkeun sewu nuhun laksaketi kabingahan, rehna sadongkapna ka ieu tempat alhamdulillah simkuring kalih rombongan parantos gasik ditampi enggal ditaros. Disarengan ku pameunteu anu marahmay endah ku saneskanten kasaean kalayan leubeut meuhpeuy ku welas asih, mugia tepang munggaran urang sadaya dina siang ieu sing ngajantenkeun paripis pamatri asih simpay katresna sasmitra tambara baraya. Kalih ti eta oge ngahaturkeun salam silaturahmi mugia pangersa bp.... kalih ibu....sakulawarga aya dina gumulur karahayuan ginanjar kawilujengan ginanjar rahmat illahi jatnika sapapaosna".

"Salajengna manawi bahan katampi sugan kabiruyungan, dina titimangsa anu kalintang bagjana ieu simkuring seja ngadugikeun gerentes atina pun anak wastana cep....... Rehna dina mangsa-mangsa anu ka pengker anjeuna kungsi pateuteup patukeur tineung palemek patunda basa silih tampi kaasih ati silih nitipkeun nyadiri sareng tuang putri anu kakasihna neng .....".

"Kumargi kitu nya dina danget ieu pisan numawi tebih disungsi jauh dijugjug anggang diteang, maksad teu aya sanes ieu pun anak seja nohonana pasini patali janji anu bihari, kiwari parantos paheut seja hirup sasarengan hoyong resmi jatukrami".

"Salajengna mangga nyanggakeun ieu pun anak wastana cep.... tegesna dina danget ieu calon minantu, nyanggakeun ti luhur sausap ketu, ti handap sausap sapatu, ti tengahna aya anu bentelu ageungna sagede mutu teuasna sapertos batu, mugia kersa nampi kalayan kabingahan".

"Namung hapunten anu kasuhun simkuring kalih rombongan sakulawarga dongkapna ka ieu tempat estuning bet teu ngabantun naon-naon, isina mah nataku, sok sanaos bari diaping diabring-abring ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat ngembat nyatang pinang, ieu oge sanes bade demonstrasi namung bade ngareformasi rehna pun anak anu kawit hirupna mandiri kiwari hoyong resmi jatukrami kagungan istri".

"Sakali deui hapunten simkuring kalih rombongan sakulawarga dongkapna ka ieu tempat teu jangjang teu jingjing teu kapal teu keupeul teu panggal teu panggul. Bade ngabantun kapal da teu kakeupeul, bade ngabantun jangjangna da teu kajingjing, bade ngabantun panggal da teu kapanggul. ku ayana kitu hapunten tina saneskanten kakiranganana".

"Namung teu weleh ageung kamelang, sok sanaos bari sakedik ngabantun encit (lamak) saciwit eta oge tamba lumayan kanggo engke tilam barudak tilasna bilih rarujit. Mangga nyanggakeun sanes seueurna anu janten sae namung mudah-mudahan sing kasaeanana anu janten seueur, kalih ti eta mugia sing ngajantenkeun tali kadeudeuh panyangreud benang kaasih simpay katresna kanggo salalawasna".

"Anu pamungkas mangga nyanggakeun, mangga tampi ieu pun anak wastana cep....kanggo ka tuang putri anu kakasihna neng...., mudah-mudahan sing ngajantenkeun pernikahan anu kenging ridho ti Allah swt dina enggoning nanjeurkeun tur ngaronjatkeun ajen kajembaran ibadah dina rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah tur endah ku baroqah".

Cag heula ah BERSAMBUNG muga- muga aya mangfaatna, hapunten bilih aya ungkara basa nu pasalia teu luyu sareng undak usukna mugi kersa ngahapunten dina lepatna.

Salam Kawilujengan Aep Saepudin Zarkasih

13 komentar:

  1. Hatur nuhun anu kasuhun
    Insyaalloh ieu elmu kangge abdi
    Mugia sing janten amal kasaean kangge pangersa
    Barokallohu'lii walakum..
    Aamiin..

    BalasHapus
  2. Jazakallahu khairan
    Syukron pangersa hatur nuhun

    BalasHapus
  3. Di inti anti ti bihari, di dago2 ti bareto,.Lksa kbingah,.. Kiwari alhmdlh kbiruyungan,..Diantos sambungana pangersa..🙏

    BalasHapus
  4. Hatur nuhun akang elmuna 🙏🙏🙏 rumaos ageung dina jaman kiwari, teu patos terang kana runtutan basa nu sae, alhamdulillah katampi.

    BalasHapus
  5. Nyuhunken tikawit bubukana sareng penutupna

    BalasHapus