Tutuwuhan teh nya eta rupa-rupa tangkal atawa pepelakan.
Istilah nu patali jeung tutuwuhan, diantarana:
SESEBUTAN HUSUS PIKEUN AKAR
akar bagian tatangkalan anu aya di jero taneuh.
akar hawa akar nu barijil tina dahan tangkal caringin.
akar mayang dahan-dahan laleutik tina akar pancer.
akar pancer akar lulugu nu terus ka handap.
beuti akar nu ngabenggul sarta dagingan.
canir akar nu rubak nyerengkebeng (caringin, kiara, jsb).
jangkar akar nu tembong luhureun taneuh.
SESEBUTAN HUSUS PIKEUN TANGKAL
areuy pepelakan anu ngarambat.
bagedor gebog cau.
bodogol tangkal cau bagian nu pangjerona.
bogol bagian tangkal kawung, atawa tangkal cau nu panghandapna, tempat bijilna akar.
buku bagian antara dua ruas (awi, tiwu, jsb).
cangkokan dahan pepelakan nu kaian, nu bisa dipelakeun sanggeus akaran dina tangkalna.
catang tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar.
cumawene tangkal kawung nu geus meujeuhna disadap.
dahan bagian tutuwuhan nu bijil tina tangkal luhureun taneuh.
gebog kolokop daun cau anu ngabulen bodgolna sarta mangrupa tangkal cau sagemlengna.
geleuh bagian tangkal kai tengah-tengahna nu biasana beda warna sarta pangteuasna.
harupat bagian injuk nu siga nyere.
injuk bulu tangkal kawung nu hideung siga buuk.
iwung anak awi nu mangrupa boros keneh.
jarami tangkal pare nu geus garing.
kulit kai bagian tangkal kai pangluarna.
mamata bagian kai atawa awi nu teuas sarta buleud urut dahan.
merang awi bulu kalokop awi nu matak ateul.
pancar tangkal awi nu geus garing.
pangpung bagian dina tangkal kai, dahan (rangrang) nu paeh (garing).
papagan kulit kai nu rada kandel.
petetan bibit tutuwuhan anu teutik keneh.
ramat bagian gebog cau anu ranteng siga benang.
rangrang dahan anu geus teu aya daunna; regang.
regang dahan leutik.
rokrak dahan kai leutik atawa awi sateukteuk anu gular goler dina taneuh.
ruas bagian awi antara dua buku.
ruyung/gogor bagian nu teuas dina tangkal kawung.
salumpit kolokop dina unggal buku awi ngora anu engkena lesot karepna.
seler petetan atawa anak tutuwuhan nu ngadapur, saperti cau, honje, koneng, cikur, jahe, jsb.
setek dahan atawa tangkal tutuwuhan sateukteuk nu bisa dipelakeun sina jadi tangkal anyar.
sirung pitangkaleun atawa pidahaneun nu kakara bijil tina akar atawa tina dahan.
tangkal bagian tutuwuhan nu panggedena, catangna.
tunggilis tunggul tangkal jahe.
tunggul bagian tangkal sesa nuar.
SESEBUTAN HUSUS PIKEUN DAUN
balukang palapah daun kalapa atawa kawung bagian puhuna.
barangbang/baralak daun kalapa nu geus garing dina tangkalna.
daun bagian tutuwuhan anu lambaran, umumna warna hejo.
humbut pucuk tangkal kalapa, kawung, jsb.
janur pucuk kalapa nu semu koneng keneh.
kalakay daun nu geus kolot tur garing.
kararas daun cau nu geus garing.
koleang daun nu geus garing, nu ngoleang ragrag tina tangkalna.
nyere urat daun kalapa atawa daun kawung, sok dijieun sapu, seumat jsb.
palapah gagang daun anu panjang sarta rubak atawa buleud.
pucuk daun ngora.
SESEBUTAN HUSUS PIKEUN KEMBANG
alewoh kembang waluh.
ancal kembang bolang (taleus).
ancul kembang eurih.
angkruk/angkes kembang jeruk.
badaus kembang tiwu.
badul kembanmg koneng.
bolotot kembang cabe.
bosongot kembanmg bako.
bubuay kembamng hoe.
cacas/nyacas kembang lopang.
comrang kembang honje.
curiwis/ciriwis kembang kaso.
dingdet kembang sampeu.
eumbreuk kembang awi.
gelenye kembang genjer.
gojod/sedek kembang salak.
ingwang kembang gedang.
jalinger kembang jaat.
jamotrot kembang laja.
jantung kembang cau.
jelengut kembanmg cikur.
karuk kembang jambu batu.
katela kembang boled.
kesek/seleksek kembang limus.
lenyap/lumenyap kembang jambu aer.
mayang kembang jambe.
mencenges kembang cengek.
merekenyenyen kembang jengkol.
mencrong kembang terong.
olohok kembang kadu.
pelepes kembang kukuk.
pendul kembang peuteuy.
pengis kembang kawung.
pengit kembang leunca.
pudak kembang pandan.
puntung kembang jotang.
rinduy kembang muncang.
ringsang kembang pare.
suligar/sulikat kembang kalapa.
uceng kembanmg tangkil.
uing kembang jarak.
ulated kembang bawang.
SESEBUTAN HUSUS PIKEUN BUAH
a. Ngaran Pentil
biruluk buah kalapa nu kira-kira sagede caruluk, memeh jadi cengkir.
pentil bubuahan nu ngora keneh pisan.
semi pentil jagong.
tongtolang pentil nangka.
b. Ngaran Buah Ngora
cengkir kalapa ngora.
cicipir buah jaat nu ngora keneh.
duwegan kalapa ngora.
keceprek hiris ngora.
ketewel/lentud nangka ngora.
pakel buah mangga nu ngora keneh.
c. Ngaran Buah
benda buah teureup.
caruluk buah kawung.
gadog buah gintung.
jebug buah jambe.
kamal buah asem.
langgoko buah kiray.
d. Sifat Bungbuahan
bareubeu jambu aer nu geus tereh asak.
cumolat maggu nu warnana geus coklat, tereh asak.
dumewegan tangkil nu eusina keur meujeuhna siga duwegan.
gumading gedang nu warnana semu gading nyirikeun rek asak.
humaseum buah jeung sajabana nu haseum keneh tapi tereh asak.
kumapalang peuteuy atawa selong anu ngora keneh.
kumecrot buah pare nu eusina encer keneh.
lumayung buah anu nyirikan tereh asak.
lumeho duwegan nu keur meujeuhna siga leho.
lumiat jengkol nu keur meujeuhna liat.
rumangu pakel atawa hiris nu keur meujeuhna rangu.
rumegang cau nu keur meujeuhna.
sumagol hui nu keur meujeuhna.
tumoke cabe nu warnana hejo semu beureum nyirikeun tereh asak.
umamis jagong ngora nu keur meujeuhna amis.